this is me,me is this soooo???

Selasa, 22 Februari 2011

olimpiade olahraga

Dinten salasa kaping 22 di kecamatan cikalongwetan ngayakeun kagiatan olimpiade olah raga anu di ikuti tiap pokja,,,ti pokja puteran ngirimkeun sababaraha kontingen dantaawisna : sepak bola, bulu tangkis, catur, sareng athletik, tina sababarah kontingen eta mung sepak bola anu menonjol ieu di buktikeun ku lebetna kontingen sepak bola dugi ka babak final,,,dupi finalna di bade di selenggarakeun kaping 23 na nyaeta dintenrebo,, murangkalih ti SDN I EKACITA  oge gaduh andil kanggo majeng na pokja puteran ka babak final ,,mudah-mudahan kapayuna pokja puteran majeng na henteu ngan dina kontingen sepak bola hungkul tapi sadaya kontingen tiasa berjaya..

di handap ieu mangrupikeun sababaraha dokumentasi salami kagiatan majeng:







 

Minggu, 20 Februari 2011

kaping 17-02-2010

Add caption











dina dinten kamis kaping 17  februari 2010 diayakeun seleksi kanggo olimpiade di tingkat pokja puteran kanggfo penjaringan ka kecamatan,,  ti sdn I ekacita ngirimkeun kontingen sepak bola, bulutangkis, catur sareng atletik, alhamdudlilah kagiatan ieu lancar sareng sadaya murangkalih anu ngiringan lomba ngaraos bingah,,,dupi murangkalih anu kajaring kanggo berlaga di kecamatan teh aya 3 jalmi ti kontingen sepak bola sareng kontingen bulutangkis,,nyaeta Ari setiawan, Ujang andi sareng ujang rusdiana,, dina ninten jumaah dugi kadinten minggu kaping dua puluh murangkalih anu kapilih tos mulai latihan gabungan sareng murangkalih ti SD anu sanes na kanggo persiapan di kecamatan kaping 22 engkin di kecamatan,,mudah-mudahan murang kalih ti pokja puteran tiasa nonjolkeun prestasi anu sae dugi keun ka tingkat provinsi amin


dihandap ieu dokumentasi latihan gabungan kanggo persiapan olimpiade pelajar di tingkat kecamatan



Minggu, 13 Februari 2011

INFO DINTEN SENEN KAPING 13 FEBRUARI 2011

dina dinten senen kaping 13 februari 2011 insyaaloh SDN 1 ekacita kadongkapan kepala sekolah anu enggal dupi jenengan eta kepala sekolah teh nyaeta Bpk Ruhiyat S.Pd ,,mudah-mudahan ku dongkapna kepala sekolah anu enggal tiasa langkung ngamajengkeun ieu sakola aminnn.....  

Sabtu, 12 Februari 2011

kagiatan ekskul dintan jumat 11 februari 2011


   

Add caption
dina dinten jumat kaping 11 februari agenda kagiatan ekastrakulikuler di SD Ekacita hiji nyaeta adventure atanapi berpetualang....kagiatan ieu dilaksanakeun kanggo nagadidik murangkali supados mandiri sareng tiasa siurvival di alam bebas anu tebih tipamukiman,,,,alhamdulilah kagiatan ieu lancar tur aman ,,murang kalih sadayana ngaoras bingah sareng kengeng pangalaman anu enggal,,,dupi tempat anu janten tujuan kanggo menjelajah nyaeta kampung ciporang tepat na di kebon jati salah sawios bukit anu lokasi na kaetang luhur di desa puteran,,,
ieu salah sawios dokumentasi kagiatan nana:

















Kamis, 10 Februari 2011

info ekskul pramuka

Add caption
(kamis kaping 10.feb 2011)
alhamdulilah dinten tadi  kagiatan ekskul seni berjalan lancar anu minat kenggo ngiringan kagiatan ieu oge nambih...saparantos na rengse kagiatan ieu murangkalih sadayana ngalolong salah sawios murangkalih anggota eksul seni anu kaleresan anjeuna nuju teu sehat,,,mudah-mudahan anjeuna tiassa enggal damang sreng tiasa ngiringan ekskul seni deui.mung sakitu info perkawis ekskul seni anu majeng dinten tadi




(info kanggo 11 februari 2011)
...SALAM PRAMUKA mangrupikeun wawar kanggo jumat kaping 11 februari 2011 dinten enjing kagiatan ekstrakulikuler pramuka bade di laksanakeun di luar sakola,,mudah"an lancar kalayan teu aya gangguan nanaon....aminnnn .........kanggo murangkalih anu berminat tiasa dongkap wae ka sakola tabuh dua siang...SALAM PRAMUKA

Rabu, 09 Februari 2011

jadwal ekstrakulikuler

kegiatan : ekstrakulikuler kesenian
hari tanggal : kamis 10 februari 2011
waktu :pukul 14.00 S/d selesai
tempat : SDN I EKACITA

Selasa, 08 Februari 2011

SEJARAH SINGKAT SDN 1 EKACITA

  1. SEJARAH SINGKAT SDN 1 EKACITA
SDN 1 EKACITA  Di Di Dirikeun Tahun 1977 NSS Na Nyaeta 101022305333 Slami Kurun Waktu 34 Tahun (At 2011) SDN 1 EKACITA Parantos 6 Kali Gentos Ka Pamimpinan Kepala Sekolah  Di Handap Ieu Sababaraha Nami Kepala Sekolah Anu Kantos Mingpin SDN 1 Ekacita


  • Bapak Soma
  • Bapak Maksudin
  • Bapak Mamad Sumpena
  • Bapak Tatang Lili Somantri, S.Pd 
  • Bapak Ruhiyat, S.Pd
  • Ibu Elis Suhayati, S.Pd 


lokasi SDN 1 EKACITA  Mangrupikeun Salah Sawios Sakola Anu Lokasi Na Kirang Strategis Di Kawasan Desa Puteran Namung Kumargi Kitu Henteu Ngajantenkeun Masalah Kanggo Murangkalih Kanggo Di Ajar Hal Ieu Janten Perhatian Kusabab Murangkalih Nteu Sadayana Menempuh Jarak Anu Caket Kanggo Dugi Ka Sakola Malihan Mah Aya Murangkalih Anu Uah - Uih Ngalewatan Bukit Sagala Kanggo Dugi Kasakola Teh, Status Tanah Kapimilikan Ieu Sakola Mangrupikeun Tanah Milik Desa Atanapi Tanah Hak Guna Pakai Dupi Luas Tanah Ana Teh Kirang Langkung ± 1600 M2

Di handap ieu mangrupikun penampakan bangunan  sdn 1 ekacita





Minggu, 06 Februari 2011

kagiatan ekstra kulikuler

kagiatan ekstrakulikuler mangrupi salah sawios kegiatan anu dilaksanakeun di luar jam sakola ,,,kagiatan ieu mangrupi hal positip anu tiasa ngadidik paserta didik kanggo ngaleukeunan kagiatan salian di kagiatan akademis nyaeta mangrupi pembelajaran di sakola anu baku....... salami ieu di SDN I EKACITA nau tempatna  di kampung cibanggala desa puteran kecamatan cikalongwetan parantos berjalan sababaraha kagiatan ekskul,,  kanggo ukuran sakola anu domisilina aya di perkampungan SDN I EKACITA kaetang majeng ,,kusabab kagiatan ekskul di sakola ieu kaetang rutin sareng majeng,, eta oge upami situasi sareng kondisina ngadukung,, kagiatan ekstrakulikuler anu majeng diantawisna
  •  pramuka 
  •  kesenian 
  •  paskibra
  •  olah raga
kanggo kapayuna mudah-mudahan weh kagiatan ieu tiasa majeng salami-lamina ...sareng nambih deui kagiatan anu positif kalayan ngamajengkeun dunia pendidikan di wilayah sakola khususna,,katut sanusantara umumna....
dihandap ieu salah sawios contoh foto-foto kagiatan ekstra kulikuler di SDN I EKACITA





Jumat, 04 Februari 2011

dokumentasi kagiatan ekskul di sdn 1 ekacita